Searching...

Popular Posts

Minggu, 23 Februari 2014

Puisi Sunda Kidang Kawisaya

Chye Rétty Isnéndés
Puisi Sunda Kidang Kawisaya2
Antara dua dayeuh, aya kidang kasamaran
luluncatan tina areuy ka areuy, tina rungkun
ka rungkun, sabab ka leuweung gedong geledegan
~ Di mana padumukan awaking?

Antara dua dayeuh, aya kidang juuh cimata
kasarung inyana kasarung ngaliwung
kalémpohan ka panonoban manusa
~ Ka mana awaking lunta?

Antara dua dayeuh, kidang kalimpudan
deudeuh, lantaran hirup mah geuning
pinuh ku pangréka
~ Awaking kebat ku sandékala!
                                    Bandung, 30 Séptémber 1998
Puisi Sunda Kidang Kawisaya3 Puisi Sunda Kidang Kawisaya

0 comments: