Searching...

Popular Posts

Jumat, 10 Oktober 2014

Contoh Puisi Sunda

Puisi Sunda Jamparing2
LAGU TEPUNG TAUN
Juniarso Ridwan

di hiji kamar dina hiji peuting
mencrong kalangkang soranan; lilin
nu ngulahék tuluy lebur jadi haseup
mapag méga di langit nu cangra

pareng basa panon patepung teuteup
aya mangratus dongéng minuhan dada,
heug rék diguar, tapi keur saha?
ngan sakadar panyombo waktu?
nu pasti, poé demi poé terus disaba
nataan suasana nu mawa bagja;
tina bibit kamelang tumuwuh jadi rasa tresna

nu hideung panon anjeun, ngampar taman asri:
tempat barudak ulin jaga, merenahkeun peperenian ati,
bari ngucapkeun katingtriman diri.
                                                                        1992

0 comments: