Searching...

Popular Posts

Minggu, 23 Februari 2014

Puisi Sunda Jamparing

Étti R.S.

Hayang kuring paparahuan di talaga wening

najan teu boga pangwelah

samping rabét rék dikaput pikeun layar

sugan kuat tarung jeung angin karisi

bebekelan madu ‘na batok hulu

 

Hayang kuring ngagulanggapér beungeut kota

najan torojol ti leuweung geledegan

rék ngamparkeun samak di hiji taman

‘na dalingding kekembangan

sasalaman jeung kukupu nu jaligrah

 

Hayang nakol goong kabuyutan

sugan harus ditakol ku beungeut limpeu.

Puisi Sunda Jamparing2 Puisi Sunda Jamparing

0 comments: